Jumat, 30 Juli 2010

MENJELANG RAMADHAN.

Parantos janten tradisi atanapi kabiasaan umumna di masyarakat yen dina unggal bade mayunan sasih saum sok ngayakeun kagiatan diantawisna, nadran ka makam kulawarga, atanapi sok disebat nyaangan. Tapi tambih kadieu hal eta tos rada kirang di laksanakeun, ari alesana mah seueur sareng rupi-rupi, aya nu kusabab sibuk atanapi tebih ka lokasi, maklum tos seueur kulawarga nu ngaralih bumina janten ka kota.
Tapi da anu langkung penting mah sanes soal nadran nadran teuing, tapi naon eusina tina eta maksad nadran teh.
Seuseueurna kirang anu apal kana eusi atanapi maksadna/hakekatna tina nadran atanapi nyekar, eta sadayana nu di tampilkeun teh mung simbul-simbul wungkul, sadayana eta teh siloka pesekeun urang.
Naon hartosna anu saleresna ti ngawitan nyacar atanapi meresihan nu barala sapertos nyabutan jukut? sareng seueur deui nu sanesna?
Tah cag heula eta urang jantenkeun PR, teangeun isuk supaya jadi carita bersambung/janten panasaran.

Minggu, 25 Juli 2010

Wilujeng tepang Wilujeng ngagabung.

Para wargi, dulur dulur sadaya nu aya di pangumbaraan atanapi nu aya keneh di lembur, hayu urang ngawangun deui tali silaturachmi urang nu tos lami pegat, urang caangkeun deui kulawarga urang nu tos lami poekeun obor.
Wadah ieu di damelkeun kangge urang saling berhubungan, manawi kapayuna tiasa langkung akrab deui sareng anu langkung ti eta urang tiasa ngawangun lembur urang warisan ti karuhun.
Buyut Urang Kuwu Manten Bangsadipa ti Dukuhbadag sareng Buyut urang Kuwu Manten Astrasantana ti Cipondok eta teh bebesanan, nurunkeun seueur pisan katurunannana, mangga urang sami-sami ngadata deui, runtuyan urang, blog ieu manfaatkeun kangge urang ngariung.
Manawi aya dulur-dulur urang anu dina mancen kahirupan kenging bagja ti Gusti Nu Maha Suci, tiasa ngabantosan dullur-dulur urang nu masih kirang atanapi teu acan kenging kasempetan kangge ngarandapan hirup anu tumaninah. Mangga urang rengsekeun kapayuna, urang rempugan sasarengan.