Minggu, 25 Juli 2010

Wilujeng tepang Wilujeng ngagabung.

Para wargi, dulur dulur sadaya nu aya di pangumbaraan atanapi nu aya keneh di lembur, hayu urang ngawangun deui tali silaturachmi urang nu tos lami pegat, urang caangkeun deui kulawarga urang nu tos lami poekeun obor.
Wadah ieu di damelkeun kangge urang saling berhubungan, manawi kapayuna tiasa langkung akrab deui sareng anu langkung ti eta urang tiasa ngawangun lembur urang warisan ti karuhun.
Buyut Urang Kuwu Manten Bangsadipa ti Dukuhbadag sareng Buyut urang Kuwu Manten Astrasantana ti Cipondok eta teh bebesanan, nurunkeun seueur pisan katurunannana, mangga urang sami-sami ngadata deui, runtuyan urang, blog ieu manfaatkeun kangge urang ngariung.
Manawi aya dulur-dulur urang anu dina mancen kahirupan kenging bagja ti Gusti Nu Maha Suci, tiasa ngabantosan dullur-dulur urang nu masih kirang atanapi teu acan kenging kasempetan kangge ngarandapan hirup anu tumaninah. Mangga urang rengsekeun kapayuna, urang rempugan sasarengan.

8 komentar:

  1. Mangga dulur-dulur para wargi bilih aya saran sareng ide, atanapi komentar dina raraga ningkatkeun supaya langkung sae deui kangge kapayuna ngeunaan blog ieu.

    BalasHapus
  2. Saupamina parawargi gaduh catatan atanapi data perkawis runtuyan katurunan urang, mangga di seratkeun bae di blog ieu.
    Tangtosna ti ngawitan aki atanapi nini sareng kahandapna.

    BalasHapus
  3. Wilujeng patepang deui ka wargi wargi nu aya di lembur atanapi nu aya di Pangumbaraan, sim kuring kantos nuju kelas hiji SR sakola di Cibingbin, nuju jaman DI, Upami ka Lembur teh sok asa wararaas, mudah2an lebaran nu bade dongkap tiasa riung mungpulung deui sakulawarga di lembur . Amin.

    BalasHapus
  4. Sim kuring nu ngageugeuh daerah Cisaat Dukuhbadag ti baheula tepi ka ayeuna.

    BalasHapus
  5. Manawi aremut keneh ke lembur kapungkur, ka lemah cai geusan ngajadi urang ulah hilap ka puwadaksi, kumargi moal aya urang upami teu aya aranjeuna nu parantos nurunkeun urang ka dunya teh, Mumule lembur, eta teh wujud syukurna urang ka karuhun urang sadaya.

    BalasHapus
  6. Ulah dugi ka pegat silaturachmi, kumargi tebih ka rejeki, seueur dulur seueur rejeki kitu saur sepuh urang kapungkur mah. Tambah dulur tambah makmur, tambah baraya tambah harta.

    BalasHapus
  7. Rupina mah ku kasibukaan padamelan, wargi-wargi urang teu acan tiasa ngarojong atanapi ngiring aub kana ieu blog, atanapi kirang sosialisasi panginten janten seueur keneh wargi-wargi urang anu teu aruningaeun ayana sareng naon manfaatna. cag.

    BalasHapus
  8. Hiji mangsa dina kasempetan anu luang antawis sasih syiam ieu atanapi sateuacan boboran urang ngempel dulur2 di lembur bari nguriling silaturahmi ka baraya2 nu aya keneh di lembur, urang ngayakeun rempugan antawis dulur nu di pangumbaraan sareng nu aya di lembur, kumaha urang sasarengan ngaheuyeuk dayeuh titinggal karuhun.

    BalasHapus